Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un -Telah Wafat KH Sahal Mahfuzh Kajen Pati Jawa Tengah (Rois 'Aam PBNU dan Ketua Umum MUI- lahul fatihah

Jumat, 10 Oktober 2008

GUSTI ..... ABDI RUMASA


Tiris peuting
Hiuk angin
Nyambuang seungit kembang
Implengan ngacacang kakalayangan
Nyoreang lampah- lampah katukang

Duh Gusti…Duh Nabi …
Geuning …
Pating sariak ….. muringkak
Ema…. Bapa….
Kutan kieu geuning rasana
Geuning kieu jalma doraka

Rumasa…. Rumasa….
Nutur-nutur galur lacur
Nutur-nutur nu pating galejebur
Kokojayan ampul-ampulan na sagara kanistaan
Kekerelepan …. udar kaimanan, poho kaislaman

Sugan teh bakal ngeunah
Geuning jauh ti barokah
Euweuh kasenangan
Euweuh katenangan
Euweuh kabagjaan
Hirup pinuh papaseaan
Hirup pinuh kasusahan

Gusti …
Teuteup abdi Gusti…
Gusti ….
Teuteup abdi ku kadeudeuh
Tingal abdi ku kanyaah
Bukakeun jalan taubah
Bukakeun jalan to’ah
Bukakeun jalan barokah

La ilaha illalloh
La maujuda ilalloh
La ma’buda illalloh
La matluba illalloh
La maqsuda illalloh
La ilaha illalloh
Muhammadur rosululloh

Cangreudkeun kadeudeuh
Talikeun kaasih
Geterkeun sukma nawirahma wening galih

Tidak ada komentar: